Kali ini saya akan mem-posting biografi sederhana dari
kakek saya. Biografi ini dibuat dengan bahasa Sunda.
IDIT
Pejuang
ti Pelosok
Idit
lahir tanggal 14 Maret 1935 di Cikadu, Kecamatan Manonjaya, Kabupaten
Tasikmalaya. Anjeun na nyuprih pendidikan formal mung dugi ka kelas 2 Sekolah
Rakyat (SR) satingkat SD ayeuna.
Idit
nikah ka Onong tanggal 7 Juni 1957. Tina eta pernikahan anjeun na ngagaduhan 11
putra, 6 pameget sareng 6 istri ngan tos ngantunkeun 2 urang. jadi, nu aya
kantun 9 urang nyaeta Udiah, Ubaedah, Utamah, Unaedi, Usriah, Ruswandi, Upinah,
Umar, jeung Nurdin. Tina 9 putra na Idit gaduh 25 incu, sapalih tos
ngantunkeun. Incu-incu na nya eta Mulyadi (alm) jeung Sandi ti Udiah; Wiwin
Wintarsih (Wiwin), Suherlan (Elan), jeung Ateng Wahyudi (Ateng) ti Ubaedah; Sipulan
(budak orok nu geus maot sarta can dingaranan), Suryani (Ani), Sulastri (Ati)
ti Utamah; Desti, Sri Mulyani (Nani),
Rizki ti Unaedi; Sipulan, Ruhiyat (Iat), Egi Gumilar (Egi) ti Usriah; Irwan
Rustiawan (Iwan) jeung Ikhsan (Isan) ti Ruswandi; Novi Anggraeni (Opi), Pita
Juwita (Uneng), Vila Bastian (Vila) ti Upinah; Rifki Reja Nuranwar (Iki), Fajri
Paturohman (Aji), Fani Marzila Said (Ila) ti Umar; Angga Nurhiman (Angga), Reza
Putra Nugraha (Resa), Lingga Restu Ramdani (Lingga) ti Nurdin.
Idit
sakola mung dugi ka kelas 2 SR, sabab harita Cikadu diserang ku Walanda. Anjeun
na ngungsi ka Kalapasari saentos eta.
Di
jaman penjajahan Jepang, Idit kungsi dilatih “Taiso” di Alun-alun Manonjaya.
Harita Idit kungsi oge di “Romusha” ku Jepang. Kusabab gaduh pangalaman latihan
Taiso, Idit jeung masarakat nu sejen perang ngalawan Jepang nepi Jepang balik
ka nagara na. Namung sagala nu aya di Kalapasari direbut dibekel ku Jepang.